Amanah Hari Santri Nasional 2024 di Garut, Geus Waktuna Santri Wijak Literasi Digital

Amanah Hari Santri Nasional 2024 di Garut, Geus Waktuna Santri Wijak Literasi Digital

Liputan6.com, Garut - Sawatara waktu ka tukang, rébuan santri ngagimbung di Alun-alun Garut, Jawa Barat. Arinyana nu miang ti pasantrén masing-masing di sabudeureun Garut téh boga maksud pikeun babarengan miéling Hari Santri Nasional (HSN) 2024, pokalna Pamaréntah Daérah Garut, Salasa kalarung (22/10/2024).

Pasemonna marahmay. Sumangetna gé katangén ngagedur, saluyu jeung jejer acarana “Menyambung Juang Merengkuh Masa Depan”. Harepanana, tangtungan santri téh kudu wani tarung dina unggal “pakalangan”, henteu ngan saukur nyangkem bab agama, tapi ogé mampuh ngigelan saban pasualan kalayan méré ahlak tuladeun ka masarakat.

Tidak ada komentar

Baca selengkapnya